Social Icons

twitterfacebookgoogle pluslinkedinrss feedemail

SENI BUDAYA


SAWER PANGANTEN

Nyukcruk galur ti karuhun nutur lacak Para Wali
Nyambuang ka balarea
Titinggal ti Nini Aki wawaris kabudayaan
Seni Sunda sawer asli

Neda agung cukup lumur neda jembar pangaksami
Bilih aya kalepatan
Wireh ayeuna sim kuring nyawer anu pangantenan
Nyanggakeun mugi ditampi

Ku hidep mugi ditungkus
Pepeling tawis kaasih
Pigeusaneun hidep mulya
Ngarandapan laki rabi
Ngamudina rumah tangga
Sangkan panggih tengtrem ati
Sangkan panggih tengtrem ati

Ka Euis puputen kalbu
Mugi hidep sing nastiti
Mapah alam rumah tangga
Ka panutan sing gumati
Tuturkeun dunya akherat
Kitu kawajiban istri
Kitu kawajiban istri

Piwuruk Euis Sakitu
Catet dina sanubari
Kantun ieu pamegetna
Aduh Asep deudeuh teuing
Ieu piwulang tarima
Regepkeun ku sanubari

Asep mimiti diwuruk
Dangukeun ku dua cepil
Simpen di manah nu jembar
Ayeuna mah beda deui
Jaman hidep lalagasan
Teu aya anu meredih

Ti wangkid ieu ka payun
Asep kedah taki-taki
Nyubadanan kawajiban
Ngurus ngatur laki rabi
Anu kadada kaiga
Geusan Asep hirup mukti

Saur Rasululloh estu
Rejeki mah tetep puhit
Kawas arek hirup lana
Tapina kudu sabanding
Jeung ibadah nu tong pegat
Sing kawas ajal rek tepi

Apa nyawer teh sakitu
Mugia hidep anaking
Runtut raut sauyunan
Ka cai jadi saleuwi
Ka darat jadi salogak
Jauh balai parek rijki

Wur tawur jati rahayu rahayu manjang walagri
Da kupikeun salawasna
Tinayungan Maha Suci ginanjar sapapaosna
Amin Ya Robbal Alamin
Run turun jati rahayu
Rahayu manjing walagri (H. Sahidin).

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 

Biografi

Melaksanakan tugas sesuai aturan yang berlaku di zaman para pemimpin haus kekuasaan (penuh KKN, sistem premanisme)amat sangat sulit...Diriku termasuk korban prilaku "premanisme" Kadisdik, Ka UPTD Pendidikan yang dibantu oleh "herder-herder". "Ya Allah,Engkau-lah Yang Maha Adil dan Maha Mengadili..Sisa Rasa sakitku yang belum terbalas kuserahkan pada-Mu Yang Maha Pemberi Balasan Yang Seadil-adilnya."